Dongeng Sunda : Gara Gara Surat
Dicaritakeun 3 sato anu teu alakur téh harita mah alakur
pisan. Tilu sato eta nyéta Anjing Méong jeung Beurit.Tilu satu éta teh hirup saimah.
Hiji mangsa Anjing di tutah ku manusa anu namina Kasman
pikeun ngirim surat. ”Jing, pang ngirimkeun surat!”
”Ka mana?” Ceuk Anjing.
”Ka babaturan kuring di wétaneun désa. Nya lumayan jauh
lah.”
”Oh, nya ath ké ku kuring di anteurkeun.”
”Peupeujeuh tapi nya anteurkeun. Penting.”
Anjing
tuluy narima éta surat.
Teu lila Anjing mangkat. Nepi ka lawang, Aya Méong hah-héh-hoh
jiga tas lulumpatan. Tuluy ngabéjaan Anjing yén manéhna nempo anak si Anjing
gering.”Anjing rék ka mana?”
” Rék nganteurkeun surat. Kunaon kitu?”
” Kuring nempo anak salira gering. Geura sampeurkeun
heula. Bisi aya nanaon.”
” Alah, kumaha nya. Kuring téh di titah nganteurkeun
surat. Ath kumaha mun kuring nitip ieu surat. Tapi ngkéna panganteurkeun ka wétaneun
désa.”
” Nya cing atuh mana. Tpi nganteurkeuna engkénya. Kuring
na capé. Rék ngeureunan heula.”
Anjing tuluy nyampeurkeun anakna. Méong tuluy asup ka
imah bari mamawa surat ti si Anjing. Barang asup ka imah, si Méong langsung saré
na korsi. Surat ti Anjng di teundeun di gigireunana. Ku lantaran capé, Méong
saré mani tibra.
Teu lila, datang Beurit. Manéhna keur lapar. Tapi, nénéangan
dahareun di imah teu aya nanaon. Barang nempo kertas anu aya di gigireun Méong,
Beurit bungah lantaran aya nu bisa didahar. ”Tah, aya dahareun euy.” ceuk Beurit.
Tuluy Beurit ngadahar éta kertas. Ngadéngé aya nu
gagayem, Méong hudang. ”Éh, Beurit. Keur naon yeuh?”
”Kuring keur dahar, lapar.” tembal Beurit.
”Dahar naon?”
”Kertas.”
”Kertas ti mana?”
”Éta nu aya di gigireun anjeun.”
Méong langsung reuwas ngadéngé yén surat anu dititipkeun
ku Anjing di dahar ku Beurit. Saking ku keuheul na, Méong ngungudag Beurit. Ku
manéhna rék di dahar éta Beurit téh. Tapi Beurit kabiri asup ka imahna.
Tuluy datang Anjing.
”Méong, kumaha surat téh. Geus di kirimkeun?”
Bari
rada gugup, Méong ngajawab. ”A a a acan.”
Anjing
teu nanya deui. Langsung wé neunggeul Méong. Untung Méong kaburu lumpat. Ngan Anjing
terus ngungudag Méong.
Tah, ti barang harita éta tilu sato téh teu alakur. Beurit
teu akur jeung Méong, Méong teu akur jeung Anjing.